Langit lenglang taya mega nu ngahalangan dikenca katuhueun jalan rajeg ku tatangkalan, daunna harejo ngemploh dipasieup kurecetna sora manuk ting geleber saruka bungah. Rasa betah jeung tumaninah singhoreng mun seug pareng ngaliwat ka pilemburan, macangkrama jeung alam padesaan. Tibubulak samar-samar katinggal ngeplakna cai laut sagara pakidulan dihias ku riakna ombak jiga nu keur silih udag, matak waas matak kelar. Teu aya basa carita nubisa kedal iwal ti renghapna nafas tumarima kana ka agungan nu murbeng Alam, parantos maparin kanikmatan ka manusa tanpa wates wangenna. Basa kuring reureuh dimumunggang padataran gunung sawo handapaeun tangkal camara, sisi jalan anu brasna ka Pananggapan. Paneutep seukeut nyawang alam endah tur asri bari mawa pangharepan, sugan jeung sugan aya menak nungaguar pependeman sangkan ieu alam bisa jadi mawa pangupa jiwa pikeun karaharjaan rahayat pakidulan. Iraha atuh menak....jengkar ti pakotaan kersa rurumpaheun ngaroris pakaya sareng budaya alam anu sakieu endahna, pacuan ulah rek hilap mugi salira geura sumping diantos garapanana......!!!
Mni Waas pa....
BalasHapus